Ahlan Wa Sahlan

Selamat datang di blog risalah thulab santri Persatuan Islam
mudah mudahan dapat menjadi wasilah untuk thalabul 'ilmi dan silaturrahim
''haya tunna kulluha ibadah''

MAKNA QURBAN


MAKNA QURBAN
Oleh  : M Rahmat Najib
               
                Ari asal kecap qurban tina basa  Al-Quran, tina qoruba - yaqrubu= hartosna deukeut. QORROBA - YUQORRIBU QURBAANAN = hartosna ngadeukeutkeun diri. Sakumaha kaunggel dina Surah Al-Maidah Ayat : 27. .

{وَ اتْلُ عَلَيْهِمْ نَبَأَ ابْنَيْ آدَمَ  بِالْحَقِّ إِذْ قَرَّبَا قُرْبَانًا ...}
“Jeung bacakeun ka maranehna kisah dua putra Adam nurutkeun anu sabenerna nalika eta dua putra Adam nyumponan qurban...”  (Qs Al-Maidah  : : 27)

                Dina basa urang oge aya istilah sahabat karib, kaum kerabat, sareng kawan akrab. Eta sadaya hartina deukeut, deuheus. Jadi Qurban teh hartina ngadeuheuskeun diri ka Allah. Carana rupa-rupa aya ibadah badaniyah siga sholat, ibadah maliyah siga zakat atanapi ibadah maliyah-badaniyah saperti ibadah haji.
               
                Qurban teh ngandung dua harti: harti khusus sareang harti anu umum (lega). Ari harti anu khusus mah nyaeta ngalaksanakeun qurban ku cara meuncit onta, sapi, atawa domba dina tanggal sapuluh Dzul Hijjah sarta dagingna dibagikeun atahan. Ekah sareng hadyu kaasup kana qurban anu ngandung harti khusus.

                Sedengkeun qurban anu hartina lega atanapi umum nyaeta QOTLUL HUBBI maksudna mengkolkeun kahayang, karesep, kacinta pikeun milarian karidlo Allah anu Maha welas tur asih. Umpamana hudang shubuh rek shalat. Sholat teh kaasup qurban, lantaran urang geus mengkolkeun hawa nafsu jeung kahayang pikeun nyumponan kawajiban. Kahayang mah shubuh teh ngaringkuk, ngagojod sare keneh. Tapi lantaran aya kawajiban, eta kahayang teh  dipupus, ditinggalkeun pikeun ngadeuheuskeun diri ka Allah.

Uswah Nabi Ibrahim a.s
                Dina Al-Quran lafadh uswah aya tilu; kahiji anu janten uswah teh Rosulullah saw . Kadua-katilu  Nabi Ibrohim a.s sareng pangiringna.  Pidawuh Allah

{قَدْ كَانَتْ لَكُمْ أُسْوَةٌ حَسَنَةٌ فِي إِبْرَاهِيْمَ وَ الَّذِيْنَ مَعَهُ ...}

“Saestuna keur maraneh teh aya uswah di Ibrahim katut para pangiringna ... “ (Qs Al-Mumtahanah : 4)   

                Hal ieu teu ngandung harti yen para nabi anu sejen teu janten uswah, mung kitu we dina Qurana. Nabi Muhammad ku anjeun hoyong kenging rahmat sareng berekah sapertos Nabi Ibrohim sakulawargi a.s. Malihan Rasulullah saw nalika ditaros ku para shahabatna “He Rasulullah, abdi sadaya dipiwarang ngucapkeun salawat ka anjeun, kedah naon anu diucapkeun teh ?”  Waler  kangjeng Nabi saw, “ bacakeun ku aranjeun

اللهم صل على محمد و على آل محمد كما صليت على آل إبراهيم و بارك على محمد و على آل محمد كما باركت على آل إبراهيم في العالمين إنك حميد مجيد
  
              Lafadh salawat anu diparentah ku Rasulullah saw anu kasebat di luhur nuduhkeun yen Nabi Ibrahim katut kulawargana kagungan kaistimewaan anu kudu jadi eunteung keur urang sadaya.

Qurban Ali Ibrahim
                Hakekatna qurban Nabi Ibrahim teh sanes mung bade meuncit putrana, kangjeng Nabi Ismail as. wungkul.  Upami ditengetan mah sadaya hirupna teh pinuh ku qurban, ngadeuheuskeun diri ka Allah anu Maha kawasa. Numutkeun ta’rif di luhur, aya sababaraha qurban kangjeng Nabi Ibrohim  sareng kulawargana anu kacida ageung tur muya mungguhing Allah.

1. Nabi Ibrahim ngurbankeun kanyaah anu jadi bapa.

                Dina umumna budak butuh kanyaah indung bapana. Lamun kanyaah eta pegat, tinangtu hirup eta budak teh  bakal sangsara.   Kiwari loba barudak anu ngahaja megatkeun kanyaah bapa lantaran teu sapamadegan, teu sarua kahayangna. Umumna mah dina masalah cinta atawa nangtukeun batur hirupna. kajeun teu dipikanyaah ku indung-bapa batan pegat jeung kikindeuwan. Eta budak geus ngorbankeun kanyaah kolotna pikeun nyumponan kahayangna.

                Anu dilakukeun ku Nabi Ibrahim as nalika jajaka keneh, anjeuna megatkeun kanyaah anu jadi bapa lantaran bapana produsen, tukang nyieunan patung anu biasa disembah ku kaomna. Malahan kangjeng nabi Ibrohim kantos dipiwarang ngicalan patung jieunan bapana. Batan dijual eta patung-patung teh anggur diadu-adukeun, diancurkeun. Nalika ditaros ku ramana, jawabna teh eta patungna parasea cenah. Nabi Ibrahim apal kumaha watek jeung adat bapana anu galak. Anjeuna uninga yen ramana pasti ngusir jeung megatkeun kacintana. Anjeuna midamel kitu peta teh lantaran nyaah ka bapa anu sasar, anu kagungan kayakinan anu batal, nyaeta syirik.

                Nabi Ibrohim parantos qurban karana Allah ku ngorbankeun kacinta ramana. Hartosna anjeuna milih  dipiwelas ku Allah batan ku bapa. Kajeun dipikangewa, dibenci ku jalma anu dipikacinta batan laas piwelas Anu Maha kawasa. 

2. Ngurbankeun nyawa

                Nyawa teh perkara anu pangmahalna dipiboga ku makhluq anu hirup. Makhluk hirup utamana jalma, bakal satekah polah ngabela nyawa, jiwa jeung ragana. Manehna bakal ngorbankeun naon bae anu dipiboga pikeun nyalametkeun nyawana. Kaasup ngorbankeun kayakinan.

                Sedengkeun Nabi Ibrahim as mah ngabelaan kayakinan, katauhidan ka Allah swt ku ngorbankeun nyawana. Anjeunna sanes teu apal kana sikep jeung kabiasaan raja anu kejem lamun pamadeganana  jeung kaputusanana dibantah kunu sejen komo ku rahayat biasa mah.

                Nabi Ibrahim as oge apaleun pasti rajana bakal nyiksa ku siksaan anu banget, tapi sadaya ancaman eta teh teu ngarobah kayakinanana. Kajeun teuing awak ancur jadi lebu batan kayakinan laas.  Sakumaha kaunggel dina surat Al-Anbiya sareng surat As Shaffat :

“Jeung Kami geus maparin pituduh ka Ibrahim samemehna, karana Kami uninga kana kaayaan manehna. Basa Ibrahim nyarita ka bapana jeung ka kaomna :”Naon gunana ieu arca-arca anu ku arandika salawasna di aribadahan teh? Maranehna ngajawab :”Kaula sarerea nenjo yen bapa-bapa kaula sarerea oge aribadah ka dinya” Cek Ibrahim “:Saenyana arandika katut bapa-bapa arandika teh aya dina kasasaran anu tetela pisan.

                Maranehna naranya :”Naha andika datang ka kaula sarerea teh kalawan hak atawa ngan ukur heuheureuyan wungkul ?.Jawabna : “Pangeran arandika anu sabenerna mah nyaeta Pangeran anu murbeng langit katut bumi jeung anu ngayugakeunana, sarta kaula jalma anu nyakseni kana perkara eta. (Omongna sajeroning ati) :” Demi Allah, saestuna kaula rek nyieun  tipu-daya kana berhala-berhala arandika, sabada arandika nyaringkah . Prak wae maranehna ngabalieur ti manehna, nukang-nonggong.

                Jeung manehna (Ibrahim) indit rerencepan ka berhala-berhala maranehna, sarta  pok manehna nanya :”Naha maraneh teh teu hayang dahar ? Naha geuning  maraneh teu daek ngomong? Habek manehna neunggeulan berhala-berhala tea kalawan enya-enya ku leungeun katuhu. Eta berhala-berhala teh ku Ibrahim diancurkeun nepi ka jadi remuk parotong, kajaba anu panggedena ti antarana, supaya maranehna malik nanya ka nu panggedena tea.

                Barang maranehna daratang ka eta pamujaan, pok nyararita, ”Saha anu ngalampahkeun kieu ka pangeran-pangeran urang ? Saenyana manehna ti antara jalma-jalma anu darolim.”  Cek sabagian maranehna,  “Kaula ngadenge aya hiji jajaka  anu ngaranna Ibrahim, anu ngagogoreng pangeran-pangeran urang”. Cek raja Namrud, “Bawa eta jalma teh ka hareupeun bala rea supaya disaksian. Nya bring wae maranehna ngajugjug ka Ibrohim gagancangan.

                Saparantos paadu hareupan,  pok maranehna mariksa, “Naha maneh anu ngalampahkeun kieu ka pangeran-pangeran kaula teh ,yeuh Ibrahim ? Jawab Ibrahim : “Saenyana anu migawena mah tuh nu panggedena. Geura tanyakeun wae ku arandika ka dinya, lamun enya mah maranehna barisaeun ngomong”  Nya maranehna jadi malik ka dirina sarta pokna : Saestuna arandika teh jalma-jalma anu darolim. Tuluy maranehna tarungkul (jeung pokna ) : “Apan maneh oge (Ibrahim)  nyaho yen eta berhala-berhala teh teu barisaeun ngomong”

                Cek Ibrahim , “Atuh Naha  arandika bet aribadah ka anu salian ti Allah, barang anu heuteu bisa ngadatangkeun mangpaat jeung anu heunteu bisa ngadatangkeun madorot saeutik oge ka arandika. Naha pantes arandika ngaibadahan barang anu ku arandika diukir sorangan ? Padahal Allah geus ngayugakeun arandika jeung saniskara anu ku arandika dipigawe. Cilaka arandika katut saniskara anu salian ti Allah anu ku arandika diaribadahan ! Naha atuh arandika heunteu ngarti ? Cek maranehna : “ Duruk tah Ibrahim teh  sarta geura belaan pangeran-pangeran arandika, ari enya mah arandika rek digarawe.

                Pidawuh Kami : “ Yeuh seuneu ! Geura  jadi tiis sarta sing jadi kasalametan keur Ibrahim. Maranehna rek ngalampahkeun tipu daya ka Ibrahim, tapi Kami ngajadikeun maranehna jadi jalma-jalma anu rarugi. Jeung Kami  nyalametkeun Ibrahim katut Luth ka hiji nagri, anu eta nagri teh ku Kami diberkahan keur sakumna manusa.”

3. Qurban Siti Sarah.

                Nalika Nabi Ibrahim sareng garwana dakwah ka Mesir. Aranjeunna nyumpingan istana Fir’aun. Fir’aun kaseungsrem ku kageulisan Siti Sarah, Nabi Ibrahim ditaros , saha awewe anu bareng anjeun teh, waler Nabi Ibrahim : Hadzihi ukhtie ( ieu teh pun adi ). Nabi Ibrahim heunteu ngabohong sabab anu dimaksud dulur cek anjeunna mah, dulur sa’akidah. Upami diaku garwa tangtu dakwah moal lancar, diaku dulur mah Fir’aun pasti  bakal ngadukung.

                Nabi Ibrahim  heunteu   aya maksud ngajual pamajikan, sabab yakin yen Allah  pasti bakal nyalametkeun garwana tina kalakuan Fir’aun, margi anjeunna kitu soteh dina raraga ngalaksakeun parentah Allah. Nya  harita keneh oge Siti Sarah ditempatkeun di istana. Anjeuna rido jauh ti salaki asal deuheus  ka Allah, Sawatara ngorbankeun kanyaah salaki pikeun kalancaran da’wah. Anjeuna yakin Allah moal ngantep ka hamba-Na anu ngadeuheuskeun diri ka Mantena. Dina kanyataanana Sitri Sarah salamet tina gangguan Fir’aon kalawan taqdir Allah. Rupina da’wah Nabi Ibrohim di Mesir teh teu pati lancar. Aranjeuna mulih deui ka Palestina sarta nanjeurkeun kalimah taohid di eta nagri katut sabudeureunana.

                Mang taun-taun Nabi Ibrohim a.s hirup namung dikersakeun teu dipaparin putra ku Allah. Anjeuna melang, saha anu bakal neruskeun perjoangan ngadegkeun tur miara kalanggengan agama Islam. Kamelang Nabi Ibrohim diuningakeun ka Allah sarta ngadu’a, 

{ رَبِّ هَبْ لِي ِمنَ الصَّالِحِيْنَ }
“Nun Gusti paparin abdi turunan anu saroleh”
               
Nabi Ibrohim a.s  sareng garwana, Siti Sarah teras-terasan ngadu’a, dugika hiji mangsa garwana rumaos yen dirina teu tiasa masihan turunan, padahal rumah tangga tos taunan. Nurutkeun kabiasaan mah ningali kana yuswa asa moal mungkin tiasa ngandeg. Nya anjeuna usul ka carogena supados nikah ka Siti Hajar, hiji wanoja urang Qibti pamaparin Fir’aon ti Mesir.  Nabi Ibrohim teu ujug-ujug nikah deui. Anjeuna ngantos parentah ti Allah.  Anu akhirna usul garwana teh dilaksanakeun demi perjoanganana. Dina ieu kajadian aya uswah pikeun urang sadaya; Siti Sarah  leres-leres parantos ngurbankeun paraosanana, demi cinta tur ikhlas ka Allah.

                Kasawang ku urang, kumaha bagja tur reueusna Nabi Ibrohim nalika kagungan putra. Kabandungan ku Siti Sarah paromana caroge. Teu eta wungkul qurban Siti Sarah teh, anjeuna usul ka Nabi Ibrohim supados dipangadamelkeun saung keur nyiruruk dirina, bisi ngaganggu kana karukunan rumah tangga carogena sareng Siti Hajar. Nabi Ibrohim as ngantos parentah Allah. Allah marentahkeun, yen anu kudu nyingkah teh sanes Siti Sarah namung Siti Hajar.

4. Qurban Siti Hajar.

                Bring we Nabi Ibrohim saputra garwa arangkat ka hiji tempat anu tebih, pernahna di tanah Arab di hiji lengkob anu teu aya jalma. Harita putrana Ismail  masih keneh orok. Sabada  aranjeuna dugi ka eta tempat, Nabi Ibrohim a.s ngantunkeun kualawargana  dina kaayaan kacida waluratna.  Siti Hajar naros  ka Nabi Ibrahim : Naha tega anjeun ninggalkeun kami  dina kaayaan sakieu waluratna. Carogena henteu malire. Siti Hajar teras naros deui: Naha ieu teh parentah Gusti Allah. Nabi Ibrahim ngaenyakeun, yen nempatkeun istri katut putrana teh parentah Allah. “Upami enya kitu mangga geura angkat, abdi yakin yen Gusti Allah moal ngantep ka hambana, Abdi rido tebih ti salaki asal deuheus ka Allah.”

                Sabada Nabi Ibrohim aya di mumunggang pasir Arafah, anjeuna ngadu’a, “ Nun Gusti Pangeran  abdi sadaya ! Sayaktosna abdi parantos merenahkeun sabagian turunan abdi dina hiji lengkob nu henteu aya tutuwuhanana anu pernahna  caket bumi Gusti (Baitullah) anu dimulyakeun. Nun Gusti Pangeran abdi sadaya, mugia maranehna ngaradegkeun salat mugia hatena jalma-jalma  jadi cengeng manteng kana darongkapna ka (tempat) maranehna, Nun Gusti paparin maranehna rizqi tina rupa-rupa bubuahan, supaya maranehna syalukur.”              Nabi Ibrahim a.s saparantos ngadu’akeun kulawargana, anjeuna mulih ka Palestina.

Ku sholehna Siti Hajar sareng ku du’ana Nabi Ibrohim, kiwari tanah Makkah  jadi rame tur aman sakumaha anu kasaksian ku urang sadaya. Unggal taun malihan tiap waktu tamu Allah sarumping seja ibadah ka Mantena, saurang bae oge teu aya anu kalaparan. Kantenan dina sasih Ramadlan mah tuangeun teh mani ngaleuyah.

5. Qurban Nabi Ismail
                Nabi Ismail a.s hirup tumuwuh di nagri Makkah teu apal kanu jenten rama. Nalika anjeuna sawawa, tiasa usaha ingon-ingon sareng ngangon domba, ramana sumping maksad rek ngalongok kulawarga. Nabi Ibrahim tepang saputra garwa di lebah Arafah, kaping 9 Dzulhijjah. Bakat ku gumbira aranjeuna ngalafazhkeun takbir sareng tahlil diteraskeun ku du’a kalawan khusyu ka Allah. Wengina, saba’da Maghrib aranjeuna lungsur muru Muzdalifah, teras karulem dugika shubuh. Enjingna Nabi Ibrahim sasauran kanu janten putrana, “Yeuh Anaking, anak mama! Saestuna tadi pueting Mama ngimpi, Mama rek meuncit hidep. Cing pikiran kumaha putusan hidep.” Waler putrana, “Nun Ama, abdi terang, yen eta teh wahyu ti Allah. Mangga lakonan saniskanten anu diparentahkeun ka Ama teh. Ama bakal mendakan kaayaan abdi Insya Allah jadi ti antawis jalmi-jalmi anu salabar.”

                Dawuhan Allah, “Nya barang maranehna duaan geus sumerah pasrah, jeung manehna geus naleukeumkeun pipi anakna. Jeung Kami cumeluk ka manehna, ‘Yeuh Ibrahim, saestuna maneh geus ngalakonan parentah tina impian tea kalawan enya-enya. Saestuna nya kitu Kami ngajar jalma-jalma anu ngalampahkeun kahadean. Saenyana ieu teh cocoba anu tetela.” (QS As-Shaffat : 103-107).

                Salajengna Allah miwarang Nabi Ibrahim supados ngagentos Nabi Ismail ku peupeuncitan anu gede, nyaeta domba anu lintuh. Ieu teh Qurban Nabi Ibrahim anu kacida agung tur luhur. Anjeuna parantos ngurbankeun peutra hiji-hijina, putra anu dipikahayang, sareng anu diharepkeun pikeun neruskeun da’wah Islamiyah. Ari parantos kaarah gawena, kari-kari kudu dipeuncit. Ku urang tiasa kasawang, upami eta parentah jadi syari’at pikeun umat. Leuheung budak anu bangor tur doraka ka indung-bapana anu kudu diqurbankeun teh, da ieu mah murangkalih anu sholeh, tinangtu urang moal sanggup kudu ngurbankeunana. Cacak ngurbankeun domba wae karasa beurat, padahal mah lain anak, lain dulur-dulur acan.

                Eta ti antara Qurban Ali (kulawarga) Ibrahim a.s. Aranjeuna parantos lulus tina sadaya cocobi anu beurat. Mugia jenten pieunteungeun urang sarerea. Wallahu a’lam.

Musyawarah Kerja Nasional Ikatan Pelajar Persatuan Islam

IP Persis Tasikmalaya, Ipp-Ippi Region Bandoeng, Ipp Region Garut Hadiri Musyawarah Kerja Nasional Pimpinan Pusat Ipp Pondok Asrama Putri Gedung Persistri Kalipa Apo Bandung pk. 08.00 s.d 15.30 . Mudah- Mudahan terselenggaranya Musykernas lebih dapat memberikan pencerahan pergerakan Pelajar Persatuan Islam khususnya, untuk lebih oftimal dalam memberikan kontribusi kepada Agama, Negara, terlebih Jam'iyyah.
Ar - Raasikuuna Fil 'Ilmi menjadi semboyan & pengamalan
"kebenaran yang tidak terorganisir akan mudah terkalahkan oleh kebathilan yang terorganisir"
#khabar Thulab
25 des' 2011